أستغفر الله رب البرايا أستغفر الله من الخطايا,,,
Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã
Aduh gusti abdi neda di hampura # Tina dosa-dosa abdi nu di haja
Sareng dosa-dosa abdi nu rumasa # Wungkul ka gusti abdi sumerah
Ukur mung ka gusti abdi seja pasrah…
Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã
Abdi sadayana makhluk teu berdaya # Tina sagala macem gogoda
Mayunan cocoba hante walakaya # Tanpa pertolongan nu maha kawasa
Jeung wungkul ka gusti nyuhunken di raksa…
Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã
Abdi atos maca tina ayat suci # Sadayana makhluk eta bakal mati
Nyawa bakal lepas tina diri abdi # Pisah raga badan sareng anak rabi
Pisah raga badan sareng kaluargi…
Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã
Dimana saatna abdi rek sakarat # Abdi sieun hese ngucapken syahadat
Rumasa sim abdi ka Allah teu tho’at # najan jeujeuritan hoyong menang rohmat
Sabab tos waktuna tutup lawang tobat…
Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã
Dulur sarerea ukur nyengceurikan # Sabab poe eta bakal perpisahan
Anak istri salaki teu bisa nahan # Harta sareng banda oge kapangkatan
Dulur jeung baraya teu bisa nulungan…
Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã
Abdi tos ngajepat cicing teu eungapan # Baju sareng perhiasan nuju dibukaan
Sebab raga abdi bade dimandian # Tos dibersihan dibungkus ku kapan
Sadayana adeg bade nyarolatan…
Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã
Abdi dipindahken teras di asupken # Kana kurung batang abdi di jepatkeun
Rurub kurung batang tuluy ditutupkeun # teras di garotong bade di anterkeun
Ka galian kubur nu tos di siapkeun…
Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã
Abdi di asupkeun kana pakuburan # Tuluy di golerkeun kana pakuburan
Abdi jeujeuritan taya nu nembalan # Kalah di padungan teras di urugan
Bari di tincakan taneuh di padetan…
Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã
Palapah kamboja teras di tancepkeun # Di luhur kuburan abdi di pelakeun
Batu nisan lebah sirah jeung tunjangeun # Cai di kucurkeun kembang di aurkeun
Abdi nu dikubur ukur ningalikeun…
Astagfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã
Eungap sareng poek mimiti karasa # hoyong ningal curuk oge hante bisa
Kesang ngucur panasna luar biasa # hareudang bayeungyang ku abdi karasa
Kaduhung hanjakal kakarak rumasa…
Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã
Di luhur ka kuping beres nu nalqinkeun # anu isina ka mayit eta mapagahan
Di akhiran do’a bari di aminan # Sadaya ninggalkeun abdi ngan sorangan
Dulur jeung baraya hanteu ngareujeungan…
Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã
Sabab waktu hirup loba ngieun dosa # sombong jeung bedegong ka pada manusa
Ngucap ka awonan di anggap biasa # laku lampah salah asa henteu dosa
Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothõyã
Rumasa ibadah mindeung lalaora # akhlaq anu sae hanteu di piara
Teras teu daek nulungan jalmi nu sangsara # kanu sahandapeun sok nyieun pilara
Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothõyã
Nuhun a,, abdi nyari kos kieu. Nu sok di baca ku almh umi .. nuhun kang.
BalasHapusTerima kasih lirik dari setiap bait buat aku merinding
BalasHapusMasya Allah ,mendak deui ieu pupujian th nu toss lawas. Nu parantos harilap lirikna
BalasHapusalhamdulilah ka penak kango solawatan
BalasHapusalhamdulilah kapenak kango solwatan
BalasHapusQobiltu kanu ngadameul seuratan nadhom ieu,,neuda Widi kanggo abdi ngamalkeun, jazakallohu Khoiron katsiro fiddunya wal akhiroh aamiin
BalasHapusQobiltu anu ngadamel iye syairan.. Hatur nuhun
BalasHapusHatur nuhun :)
BalasHapusAkhirnya ketemu:)
BalasHapusAlhamdulillah akhirnya ketemu sholawat ini,tapi sayang yang paling bawah nya beda sama yg dulu saya baca
BalasHapusMasya Allah, terimakasih atas teks nya semoga memberikan manfaat untuk kehidupan dunia dan akhirat.
BalasHapusHatur nuhun, tapi punteun masih banyak yg salah liriknya🙏
BalasHapus