Senin, 11 November 2013

Astaghfirulloh Robbal barõyã

أستغفر الله رب البرايا أستغفر الله من الخطايا,,,

Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã

Aduh gusti abdi neda di hampura # Tina dosa-dosa abdi nu di haja
Sareng dosa-dosa abdi nu rumasa # Wungkul ka gusti abdi sumerah
Ukur mung ka gusti abdi seja pasrah

Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã

Abdi sadayana makhluk teu berdaya # Tina sagala macem gogoda
Mayunan cocoba hante walakaya # Tanpa pertolongan nu maha kawasa
Jeung  wungkul ka gusti nyuhunken di raksa

Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã

Abdi atos maca tina ayat suci # Sadayana makhluk eta bakal mati
Nyawa bakal lepas tina diri abdi # Pisah raga badan sareng anak rabi
Pisah raga badan sareng kaluargi

Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã

Dimana saatna abdi rek sakarat # Abdi sieun hese ngucapken syahadat
Rumasa sim abdi ka Allah teu tho’at # najan jeujeuritan hoyong menang rohmat
Sabab tos waktuna tutup lawang tobat

Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã

Dulur  sarerea ukur nyengceurikan # Sabab poe eta bakal perpisahan
Anak istri salaki teu bisa nahan # Harta sareng banda oge kapangkatan
Dulur jeung baraya teu bisa nulungan

Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã

Abdi tos ngajepat cicing teu eungapan # Baju sareng perhiasan nuju dibukaan
Sebab raga abdi bade dimandian # Tos dibersihan dibungkus ku kapan
Sadayana adeg  bade nyarolatan

Astaghfirullah robbal barõyã #             Astaghfirullah minal khothoyã

Abdi dipindahken teras di asupken # Kana kurung batang abdi di jepatkeun
Rurub kurung batang tuluy ditutupkeun # teras di garotong bade di anterkeun
Ka galian kubur nu tos di siapkeun

Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã

Abdi di asupkeun kana pakuburan # Tuluy di golerkeun kana pakuburan
Abdi jeujeuritan taya nu nembalan # Kalah di padungan teras di urugan
Bari di tincakan taneuh di padetan

Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã

Palapah kamboja teras di tancepkeun # Di luhur kuburan abdi di pelakeun
Batu nisan lebah sirah jeung tunjangeun # Cai di kucurkeun kembang di aurkeun
Abdi nu dikubur ukur ningalikeun

Astagfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã

Eungap sareng poek mimiti karasa # hoyong ningal curuk oge hante bisa
Kesang ngucur panasna luar biasa # hareudang bayeungyang  ku abdi karasa
Kaduhung hanjakal kakarak rumasa

Astaghfirullah robbal barõyã #             Astaghfirullah minal khothoyã

Di luhur ka kuping beres nu nalqinkeun # anu isina ka mayit eta mapagahan
Di akhiran do’a bari di aminan # Sadaya ninggalkeun abdi ngan sorangan
Dulur  jeung  baraya hanteu ngareujeungan

Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothoyã

Sabab waktu hirup loba ngieun dosa # sombong jeung bedegong ka pada manusa
Ngucap ka awonan di anggap biasa # laku lampah salah asa henteu dosa

Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothõyã

Rumasa ibadah mindeung lalaora # akhlaq anu sae hanteu di piara
Teras teu daek nulungan jalmi nu sangsara # kanu sahandapeun sok nyieun pilara

Astaghfirullah robbal barõyã # Astaghfirullah minal khothõyã

12 komentar:

  1. Nuhun a,, abdi nyari kos kieu. Nu sok di baca ku almh umi .. nuhun kang.

    BalasHapus
  2. Terima kasih lirik dari setiap bait buat aku merinding

    BalasHapus
  3. Masya Allah ,mendak deui ieu pupujian th nu toss lawas. Nu parantos harilap lirikna

    BalasHapus
  4. alhamdulilah ka penak kango solawatan

    BalasHapus
  5. alhamdulilah kapenak kango solwatan

    BalasHapus
  6. Qobiltu kanu ngadameul seuratan nadhom ieu,,neuda Widi kanggo abdi ngamalkeun, jazakallohu Khoiron katsiro fiddunya wal akhiroh aamiin

    BalasHapus
  7. Qobiltu anu ngadamel iye syairan.. Hatur nuhun

    BalasHapus
  8. Alhamdulillah akhirnya ketemu sholawat ini,tapi sayang yang paling bawah nya beda sama yg dulu saya baca

    BalasHapus
  9. Masya Allah, terimakasih atas teks nya semoga memberikan manfaat untuk kehidupan dunia dan akhirat.

    BalasHapus
  10. Hatur nuhun, tapi punteun masih banyak yg salah liriknya🙏

    BalasHapus