بسم الله الرحمٰن الرحيم
FASAL MERTELAKEUN FARDHU WUDHU
Fardhu wudhu aya genep sadayana # Hiji niat kadua ngumbah beungeut na
Tilu ngumbah leungeun dua jeung sikut na # Opat ngusap saeutik tina sirah na
Lima ngumbah dua suku neupi kana # Mumuncangan tartib rukun ka genepna
FASAL MERTELAKEUN NU NGABATHALKEUN KANA WUDHU
Opat rupa ngabatalkeun kana wudhu # Coba bilang ku maneh ulah kaliru
Hiji nu kaluar ti salasahiji # Qubul dubur naon bae lian mani
Kaduana leungit akal sebal edan # Sebab weureu sare sakalor jeung ayan
Angin jalma sare nu rapet birit na # Kana tempat diuk teu batal wudhuna
Katiluna paantel kulit awewe # Jeung lalaki duanana pada geude
Batal soteh antel jeung lain mahrom na # Serta teu make hahalang antarana
Kaopatna nyabak qubul sareng dubur # Bangsa jalma ku dampal leungeun dilager
FASAL MERTELAKEUN FARDHU ADUS (mandi)
Fardhu adus aya dua masing awas # hiji niat dina hate masing awas
Dua ngaratakeun cai kana badan # anu dzhohir sareng buuk walatraan
FASAL ANU NGAWAJIBKEUN KANA ADUS
Ari syarat wudhu sareng syarat mandi # eta aya sapuluh teu kirang deui
Hiji islam dua tamyiz tilu suci # tina nifas sareng hedh mungguh di istri
Opat ulah aya barang any nyegah # datang cai kana kulit kaya geutah
Lima ulah aya barang nu ngarobah # kana cai dina tempat nu dikumbah
Genep nyaho kana kafardhuanana # tujuh ulah neqodkeun sunnah ngumbahna
Kadalapan cai na anu nyucikeun # sareng anu dua deui ditangtukeun
Di jalma nu langgeng hadats eta tangtu # hiji tuluy-tuluy dua manjing waktu
FASAL MWRTELAKEU PAHARAMAN KA JALMA BUGA HADTS LEUTIK HADATS GEUDE
Saha jalma batal wudhu maka haram # opat rupa hiji sholat coba faham
Dua thowaf katiluna nyabak qurãn # najan tulisan saayat dina papan
Opat mawa qurãn anging diweunangan # dina barang ulah niat mawa qurãn
Haram ka jalma nu junub genep rupa # ari anu opat tadi jangan lupa
Lima cicing di masjid anging di pipir # genep maca qurãan anging niat dzikir
Ari paharaman sabab hedh jeung nifas # sapuluh genep nu tadi jangan was-was
Tujuh puasa jeung tholaq kadalapan # ari ngaliwat ka masjid kasalapan
Haram liwat lamun geutih sieun ngecret # ukur makruh lamun aman urat aret
Sapuluh dialap suka antarana # tuur bujal najan teu aya syahwatna
FASAL MERTELAKEUN HAIDH JEUNG NIFAS
Ari kadar haidh anu pang saeutikna # kadar sapoe sapeuting kaluarna
Ari gholibna genep atawa tujuh # najan kaluarna geutih henteu puguh
Lima belas dinten jaman pang seueurna # najan sajam unggal dinten kaluarna
Suci antara dua hedh saeutikna # lima belas dinten sinareng wengina
Ari dua puluh tilu atanapi # dua puluh opat gholibna di istri
Ari seueurna suci teu dianggeran # sok aya istri saumur teu kotoran
Lamun datang haidh sanggeus manjing waktu # anu mahi keur sholat nu boga waktu
Halna tacan sholat dina waktu eta # maka wajib qodho sholat nu harita
Lamun leungit man'i maka wajib mandi # najan tacan nepi kana gholib suci
Lamun waktu aya keneh terus sholat # mun teu aya terus qodho kade lepat
Najan eta waktu sholat ngan sakadar # zaman takbirotul ihrom teu ditilar
Serta wàjib qodho anu samemehna # sholat waktu anu meunang dijam'ana
Kaya suci waktu 'isya sareng 'ashar # maka wajib qodho maghrib sareng dzuhur
Ari salian ti eta kaya suci # waktu subuh qodho subuh bae hiji
Ari saeutikna kàdar zaman nifas # eta sakecretan geutih henteu teras
Ari gholib nifas opat puluh dinten # pang seueurna zaman genep puluh dinten
Bersambung
Tidak ada komentar:
Posting Komentar