Rabu, 23 Oktober 2013

Carita Merk Rokok

Baheula, kacaritakeun aya hiji Karajaan ngarana KING SIZE FILTER.. Iyeu Karajaan diadegkeuna tahun 234 anu Ibu Kotana DUNHIL. Ari anu munggaran Rajana nyaeta LUCK STRIKE, di iyeu Karajaan loba pisan GUDANG GARAM, padahal hasil utamana mah DJARUM anu sok diekspor ka Karajaan KANSAS..
Karajaan STRIKE gaduh putra ngarada ARDATH, iyeu putra mahkota ditikahkeun ka Dewi Fortuna katurunan MALIOBORO..
Tahun 456 Raja anu kasohor MINAK DJINGGO kalawan dibantu ku Kaisar DJI SAM SOE di daratan Cina jeung Sultan WISMILAK di pakutan nyerang ka Karajaan SIZE FILTER...
Karajaan anu tadina indah jiga taman SRIWEDARI teh kiwari roboh jadi haseup jeung calacah di luhureun asbak...

Tidak ada komentar:

Posting Komentar