بسم الله الرحمٰن الرحيم
ﻋﺒﺎﺩ ﺍﻟﻠﻪ ﺭﺟﺎﻝ ﺍﻟﻠﻪ ﺍﻏﻴﺜﻮﻧﺎ ﻷﺟﻞ ﺍﻟﻠﻪ
ﻭﻛﻮﻧﻮﺍ ﻋﻮﻧﻨﺎ ﻟﻠﻪ ﻋﺴﻰ ﻧﺤﻈﻰ ﺑﻔﻀﻞ ﺍﻟﻠﻪ
Hai hamba tentara Allah.. kami tulung kerna Allah
Belaan agama Allah.. mugi kengeng fadhol Allah
ﻭﻳﺂ ﺍﻗﻄﺐ ﻭﻳﺂ ﺍﻧﺠﺐ ﻭﻳﺎﺳﺎﺩﺍﺕ ﻳﺂ ﺍﺣﺒﺎﺏ
ﻭﺃﻧﺘﻢ ﻳﺂ ﺃﻭﻟﻰ ﺍﻷﻟﺒﺎﺏ ﺗﻌﺎﻟﻮﺍ ﻭﺍﻧﺼﺮﻭﺍ ﻟﻠﻪ
Wahai kakasih Pangeran.. anu unggul kacintaan
Nu sampurna pamikiran.. kami geura tarulungan
ﺳﺄﻟﻨﺎﻛﻢ ﺳﺄﻟﻨﺎﻛﻢ ﻭﻟﻠﺰﻟﻔﻰ ﺭﺟﻮﻧﺎﻛﻢ
ﻭﻓﻲ ﺍﻣﺮ ﻗﺼﺪﻧﺎﻛﻢ ﻓﺸﺪﻭﺍ ﻋﺰﻣﻜﻢ ﻟﻠﻪ
Kami neda ka aranjeun.. hayang reujeung dibarengkeun
Kasulitan mangmuntangkeun.. maksud pageuh wayahnakeun
ﻓﻴﺎﺭﺑﻲ ﺑﺴﺎﺩﺍﺗﻲ ﺗﺤﻘﻖ ﻟﻲ ﺇﺷﺎﺭﺍﺗﻲ
ﻋﺴﻰ ﺗﺄﺗﻲ ﺑﺴﺎﺭﺍﺗﻲ ﻭﻳﺼﻔﻮ ﻭﻗﺘﻨﺎ ﻟﻠﻪ
Hai Gusti, ku Wali Gusti.. paparin ti Gusti pasti
Kabungahan pasti bukti.. murni waktuna ku Gusti
ﺑﻜﺸﻒ ﺍﻟﺤﺠﺐ ﻋﻦ ﻋﻴﻦ ﻭﺭﻓﻊ ﺍﻟﺒﻴﻦ ﻣﻦ ﺑﻴﻦ
ﻭﻃﻤﺲ ﺍﻟﻜﻴﻒ ﻭﺍﻷﻳﻦ ﺑﻨﻮﺭﺍﻟﻮﺟﻪ ﻳﺂ ﺍﻟﻠﻪ
Kalayan leungit rintangan.. jeung kabeh nu ngahalangan
Mugi ilang kamang-mangan.. ku cahya rohmat Pangeran
ﺻﻼﺓ ﺍﻟﻠﻪ ﻣﻮﻻﻧﺎ ﻋﻠﻰ ﻣﻦ ﺑﺎﺍﻟﻬﺪﻯ ﺟﺎﻧﺎ
ﻭﻣﻦ ﺑﺎﻟﺤﻖ ﺍﻭﻻﻧﺎ ﺷﻔﻴﻊ ﺍﻟﺨﻠﻖ ﻋﻨﺪﺍﻟﻠﻪ
Mugi rohmat Allah tiba.. ka Nabi mawa agama
Nungtun ka sadayana.. nu gaduh syafa'at ùdzhma
Tidak ada komentar:
Posting Komentar